AMALAN NALIKA GADUH HAJAT

SHOLAT HAJAT
JEUNG ZIARAH KA
SYEKH ABDUL QODIR AL-JAILANI
(nalika aya hajat)
-
B u b u k a

Allah SWT ngadawuh:
"Prak menta tulung ka Allah kucara shobar jeung sholat"
(Al-Ayat)

Dawuhan Rosululloh SAW:
"Saha2 anu wudlu sa-hade2na,terus sholat 2 rokaat,mangka naon bae anu dipenta bakal ditedunan ku Allah sanajan elat"
(Al-Hadits)

Dawuhan Syekh Abdul Qodir Al-Jailani dina Kitab Al-Lujainid Dani:
1. Idzà sa-altumullòha ta'àlà fas-alùbì -
"Mun menta ka Allah,tawasul heula ka kaula".

2. Fi mauqifil 'abdiyyati là bisyai-iw wa là lisyai-in,
wa kànat 'ubùdiyyatuhu mustamiddatam mim mahdli kamàlir rubùbiyyati.
"(Anjeuna SAQ) dina pengabdianana ka Allah,lain keur naon2 jeung lain alatan naon2,tapi istuning ngabdi lantaran tunduk kana sifat2 kasampurnaan Allah".

Dawuhan Syekh Abdul Qodir Al-Jailani dina Kitab Bahjatul Asror:
"Saha2 anu menta tulung ka kaula dina kasusahan,mangka dileungitkeun ku kasusahanana. Jeung saha2 anu ngagero nyebut ngaran kaula dina kapayahan,tangtu dibungahkeun. Jeung saha2 anu tawasul ka kaula dina ngahasilkeun pangabutuhna,tangtu dihasilkeun maksudna. Jeung saha2 anu Sholat Hajat 2 roka'at,dina unggal2 2 roka'at ba'da Fatihah maca surat Ikhlas 11x,ari geus salam tuluy ngalengkah ka jihat Irak 11 lengkah,jeung sebut ngaran kaula jeung hajatna dina unggal2 salengkah,mangka dihasilkeun maksudna"
(Bahjatul Asror)

Al-Faqir
Abdul Ghoets At-Taluni
-
AMALIAH2 ANU NGAIT KANA SHOLAT HAJAT
-
Waktuna:
1) Mun ngalaksanakeun Sholat Hajat samemeh sare,laksanakeun heula Sholat Muthlaq,Taubat,Hajat masing2 2 rokaat jeung saterusna dugi ka dzikir jeung khotamanana.

2) Mun ngalaksanakeunana saba'dana sare, laksanakeun:
1. Sholat Taubat 2 roka'at.
3. Sholat Hajat 2 roka'at.
4. Sholat Tahajud 6 roka'at.
5. Sholat Tasbih 4 roka'at.
6. Sholat Witir 3 roka'at.
7. Dzikir jeung Khotaman.
-
TATA CARA SHOLAT HAJAT
-
1
Waktuna samemeh sare saparantos ngalaksanakeun Sholat Muthlaq 2 roka'at,atawa saba'dana sare,kurang langkung antara jam 12 dugi ka jam 3 shubuh, saparantos ngalaksanakeun Sholat Taubat 2 roka'at.

2
Seueurna 2 roka'at.

3
Niatna:
"ushollì sunnatal hàjati rok'ataini lillàhi ta'àlà".

4
Aosanana ba'da fatihah tiap roka'at surat al-ikhlas 11x.

5
Rengse Salam teras sujud. Dina sujud inget2 pagawean nu geus dipilampah ti hudang sare dugi ka pagawean anu keur digarap ayeuna. Mun aya anu salah ceuk agama jeung nagara, geuwat maca Istighfar. Mun aya anu bener ceuk agama jeung nagara geuwat maca Hamdalah.
(Wukuf Zamani)

6
Rengse wukuf zamani,teras calik lungguh bari ngaoskeun Sholawat Bani Hasyim sakersana,paling sakedik 3x.

7
Rengse Bani Hasyim, teras sujud deui bari letah nyuhunkeun kana 1 perkara anu pangdipikahoyong disarengan hate dzikir nyebut Asma Allah.

8
Rengse nyuhunkeun ka Allah,teras cengkat tina sujud,ngadeg nyanghareup tungtung sajadah beulah katuhu bari niat dina manah:
"Niat abdi ziarah ka Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani anu ngamukim di Baghdad karna Allah Ta'ala".

9
Rengse niat,teras ngaos Basmallah bari ngalengkah salengkah2 11 lengkah (Dina ngalengkahna ku isyarat bae,ulah dugi kaluar tina sajadah).

10
Dina tiap salengkah, sebut jenengan Syekh Abdul Qodir jeung hajatna.

11
Jenengan Syekh Abdul Qodir Dina Tiap Langkah anu ka:

(1)
Yà Syekh Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(2)
Yà Sayyida Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(3)
Yà Maulanà Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(4)
Yà Makhduma Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(5)
Yà Khowajah Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(6)
Yà Syàh Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(7)
Yà Darwisya Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(8)
Yà Quthba Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(9)
Yà Sulthònà Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(10)
Yà Ghaotsa Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

(11)
Yà Sayyidas Sàdati Muhyiddin 'Abdul Qòdiril Jailànì, aghitsnì fì qodlò-i hàjati.... (sebutkeun hajatna).

12
Rengse ngagero 11 lengkah,teras ngadu'a:
"Yà 'ìbàdallòh aghitsnì bi-idznillàhi,wa yà syaikhots tsaqolaini aghitsnì wa amidunì fì qodlö-i hawà-ijì.
Allòhumma lakal kullu wa mingkal kullu wa bikal kullu wa ilaikal kullu wa angtal kullu wa kullul kulli birohmatika yà arhamar rohimìn".

13
Rengse ngadu'a teras mayun ka kiblat ngalaksanakeun Sholat Tahajud 2 roka'at, Tasbih 4 rokaat sareng Witir 3 roka'at, teras dzikir sareng khotaman sakersana.
-


Disneyland 1972 Love the old s